PIDATO PELEPASAN JENAZAH ( HALAL BIHALAL ) BAHASA SUNDA

 PIDATO PELEPASAN JENAZAH ( HALAL BIHALAL ) BAHASA SUNDA



CONTOH TEKS PIDATO PELEPASAN JENAZAH / HALAL BIHALAL DALAM BAHASA SUNDA

Setelah di shalatkan, Sesaat sebelum Jenazah dibawa ke tempat pemakaman untuk dikebumikan, biasanya ada upacara Pelepasan Jenazah atau juga biasa disebut Halal bilhalal. Ini merupakan Upacara / Pidato yang di bawakan oleh pihak keluarga Almarhum / mah atau orang yang mewakilinya, bisa aparat desa, tokoh masyarakat, atau sesepuh di tempat tersebut. Pidato / Upacara pelepasan jenazah ini Sebagai ungkapan atau kata-kata terakhir sebelum jenazah dibawa ke pemakaman, Biasanya Upacara Pelepasan jenazah berisi Permintann maaf untuk Almarhum / mah, juga terkait dengan urusan Utang piutang antara jenazah dengan orang lain ( jika ada )

oke, langsung saja berikut ini adalah salah satu contoh pidato pada upacara pelepasan jenazah atau halal bihalal dalam bahasa sunda

Muqadimah bisa disesuaikan tergantung kenyamanan yang biasa dibawakan.



CONTOH PIDATO PELEPASAN JENAZAH DALAM BAHASA SUNDA


Bismillahirrohmaanirrohiim..

Assalamualaikum wr.wb


Alhamdulillah, Wasyukurillah,

Washolatu wassalamu ala rosulillah,

Sayyidina wamaulana Muhammad ibni Abdillah,

Wa 'ala alihi wasohbihi wamawwalah,

Lahaula walaquwwata illa billah

Amma ba’dah

Innalillahi wa innaillaihi roji’uun



Hapunten sateuacana, ka para sepuh, pini sepuh, para alim para ulama, para asatidz, tokoh agama sareng tokoh masyarakatna, umumna Hadirin wal hadiroh Jamaah ahli ta’ziah anu sami kempel di ieu patempatan, Simkuring neda widi kangge ngadeg cumarios dipayuneun para wargi sadaya, salaku wawakil ti atas nami kulawargi Almarhum/Almarhumah............. ( sebutkan namanya )

Sakumaha nu kauninga ku urang sadaya, kinten-kinten tabuh 6 enjing tadi salah sawios kulawargi urang, saderek urang, tatanggi urang nyaeta Bapak/Ibu.... ( sebutkan namanya ) parantos ngantunkeun urang sadaya, Anjeuna parantos dugi kana waktosnna dicandak kunu kawasa, dipundut kunu kagungan, mulih kajati mulang ka asal, kembali menghadap sang pencipta nyaeta Allah SWT.

Nanging teu aya lepatna upami urang tipayun tetep manjatkeun Puja puji sinareng syukur ka dzat anu maha kawasa nyaeta Allah SWT, anu dugi ka danget ayeuna masih ngalimpahkeun nikmat sareng karunia na kangge urang sadaya, diantawisna Nikmat Iman sinareng Islam, sareng nu karaos ayeuna, anu nyata nyaeta Nikmat Yuswa anu panjang oge nikmat sehat jasmani sareng ruhani, anu karaos ku urang sadaya khususna jamaah ahli takziah, sahingga urang sadaya masih tiasa angkat, takziah kadieu ka bumina ( sebutkan namanya ) dina kaayaan sehat wal'afiat, teu kirang suatu apapun..

Solawat miwah salam henteu kakantun pamugi salalamina tetep dilimpah curahkeun, di kucur lungsurkeun ka panutan urang sadaya Habibana wanabiyyana Muhammad SAW, ka sadaya Kulawargina, ka para sohabatna, para tabiin tabi'atna, oge ka urang sadaya salaku umatna, unu pamugi pageto di yaumul akhir urang tiasa kenging safaatul uzma ti mantena, Amiin yra.

Para sepuh, Hadirin walhadiroh, jamaah ahli takziah anu sami dimulyakeun Allah.

Sakumaha nu kauninga ku urang sadaya, rehna tadi enjing kinten-kinten tabuh 6 enjing, sepuh simkuring nyaeta Bapak/ibu.... Parantos ngantunkeun, tepatna dina usia ( sebutkan ) enjing tadi anjeuna dugi kana waktosna dicandak deui ku nu kagungan, saparantos sateuacaana anjeuna teu damang kinten-kinten 5 dinten lamina.

Ayeuna alhamdulillah jenazah Almarhum/mah parantos rengse di ibakan, sareng di kaffanan, salajengna kantun dicandak ka pemakaman kangge dikurebkeun.

Nanging sateuacana ieu jenazah dicandak ka pemakaman kangge dikurebkeun, aya sababaraha hal nu bade didugikeun ti atasnami kulawargi Almarhum/mah.

Nukahiji nyaeta ucapan haturnuhun anu sa ageung-ageungna ka para wargi saderek ahli ta’ziah sadaya, anu parantos ngabantos ka simkuring sakulawargi, Bantosan mangrupi bantosan Emutana, tanagina, Moril sareng Materilna katampi pisan ku sim kuring sakulawargi, ti kawit almarhum/mah ngantunkeun tadi enjing, saderk-saderek anu mulasara mulai memandikan, mengkafani, dugi ka nyiapkeun kangge kuburana di pemakaman, tangtosna eta kasaean bantosan anu katampi tur karaos pisan ku simkuring sakulawargi, Hapunten manawi sim kuring henteu tiasa ngawales ku kasaean anu setimpal, simkuring mung tiasa manjatkeun doa ka Allah SWT, pamugi sadaya kasaean para bapa, para ibu saderek sadaya tiasa dijanteneun hiji catatan amal ibadah kangge para bapa, para ibu saderek sadaya, oge salajengna pamugi tiasa ngadongkapkeun Ganjaran pahala, sareng kaberkahan anu berlipat ganda kangge para bapa,ibu saderek sadaya, Amiin Yra.

Salajengna anu kadua anu aya patula-patalina sareng Almarhum/mah, khususna anu aya kaitana sareng Hak adami. Hablumminannas Hubungan almarhum/mah sareng papada jalmi.

Salami jumenengna tangtosna Almarhum/mah  salaku mahkluk sosial biasa berhubungan sareng para bapa/ibu saderek sadaya, biasa natanggi, ruang riung, ngobrol dugi ka  sisiwo sareng saderek sadaya, Bilih atuh kantos aya ucapan atanapi tindakan ti Almarhum/mah anu matak ngaraheutkn manah saderek sadayana, anu sengaja atanapi hnteu disengaja, Sim kuring dina leresan ayeuna bade nuhunken pangapunten ti sadayana.. Manawi dihapunten muhun..??? ( ditanyakan ke jemaah dan tunggu jawabanya ) Haturnuhun pamugi ieu ikrar tipara wargi, ngahapunten tina sadaya kalepatan Almarhum/mah salami jumenengna tiasa janten hiji saksi anu ngaringankeun hisab anjeuna di alam kuburna.

Salajengna neraskeun tinu tadi, Almarhum/mah salaku mahluk sosial, anu sok natanggi, sok unjang anjang ka rorompok tatanggi atanapi saderek sadaya, Bilih atuh dina waktos unjang-anjang na teh Aya katuangan atanapi leueuteun anu ka tuang kaleueut ku anjeuna sateuacan di halalkeun kunu gaduhna, atanapi pernah nyandak buah-buahan anu murag, teras sami katuang ku anjeuna sateuacan dihalalkeun ku nu gaduhna. Dina leresan ieu oge sim kuring bade nuhunkeun dihalalkeun ku para wargi saderek sadaya. Manawi tiasa dihalalkeun.?? ( ditanyakan ke jemaah dan tunggu jawabanya ) Alhamdulillah.. haturnuhun, pamugi ikrar Halal ti para wargi ieu oge tiasa janten saksi anu ngaringankeun hisab anjeuna.

Anu salajengna, masih aya kaitana sareng Hak adami, Bilih Almarhum/mah salami jumenengna pernah ngagaduuhan sametan, hutang dina bentuk artos, atanapi barang, bilih atuh pernah jajan atanapi balanja ka warung anu teu acan kabujeng dibayaran ku anjeuna, Anu sakintena henteu matak nga abotkeun kangge para wargi saderek ngaikhlaskeun sareng ngaridokeuna, Dina leresan ieu oge sim kuring bade Nuhunkeun di ikhlaskeun sareng di ridhokeun. Manawi tiasa di Ikhlaskeun.?? ( ditanyakan ke jemaah dan tunggu jawabanya ) ridho.?? ( ditanyakan ke jemaah dan tunggu jawabanya ) Alhamdulillah pamugi ikrar ieu saleres-leresna tiasa ngajantenkeun Almarhum/mah maotna tos teu nyandak sametan utang-piutang deui,

Nanging bilih atuh eta sametan, utang Almarhum/mah ieu lumayan ageung nilaina, dugika karaos abot kangge para wargi saderek nga ikhlaskeuna, Mangga sim kuring sakulawargi, Caroge/Istri sareng para putrana terbuka, siap kangge ngabadentenkeuna, sareng kangge ngaberesana. Mangga geura sumping wae ka rorompok simkuring kangge ngabadantenkeuna.

Anu terakhir panginten, ieu hubunganna Hablumminalloh, hubungan Almarhum/mah sareng Alloh SWT, sim kuring dina leresan ieu neda ka ikhlasanana, neda ziad pidua ti sadayana, hayu sasarengan urang doakeun pamugi Almarhum/mah ngantunkeuna aya dina kaayaan husnul hotimah, anjeuna ngantunkeuna nyandak catatan amal pahala, di tampi iman islamna, ditampi sadaya amal ibadahna, di hapunten sadaya dosa-dosana, di lapangkeun tur dicaangkeun di alam kuburna, oge di angken salaku umatna kanjeng nabi Muhammad SAW, sareng tiasa di tempatkeun di tempat anu pang sae-saena mungguh Allah SWT. Amiin, Amiin ya robbal alamiin..

Atuh ka kulawargi anu dikantunkeuna, pamugi aranjeuna dipaparin kakiatan, sareng kasabaran tiasa mayyunan musibah ieu.

Salajengna manawi sakantenan ngunikakeun rehna kulawargi oge bade ngayakeun acara tahlil dugi ka tujuh dintena, atuh dina leresan ieu oge sakantenan simkuring ngangkir ka para sepuh, wargi saderek sadaya kangge sasarengan urang Tahlil anu waktosna bade dilaksanakeun ba'da shalat isya tempatna di rorompok simkuring.

Sakitu panginten anu kasanggem ti sim kuring salaku wawakil ti atas nami kulawargi, Hapunten bilih dina cara ngadugikeuna seueur kakirangan sareng kalepatan, tina ucapan sareng tindakan-tindakan simkuring, tawakuf neda sihapunten nu sa ageung-ageungna.

Wallohul muwafiq illa aqwamitthorik, wabillahi taufik walhidayah, wassalamualaikum wr,wb. 

Nah itulah contoh pidato pelepasan jenazah / halal bihalal dalam bahasa sunda yang bisa saya tulis.

tinggalkan komentar untuk koreksi atau Kritik & Saranya :) 

Baca Juga